(Translated by https://www.hiragana.jp/)
Cagar alam - Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas Lompat ke isi

Cagar alam

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Révisi per 13 Pébruari 2017 03.28 ku Ilhambot (obrolan | kontribusi) (→‎top: Ngarapihkeun éjahan, replaced: nyaeta → nyaéta (2), kusabab → ku sabab)
(béda) ← Révisi leuwih heubeul | Témbongkeun révisi kiwari (béda) | Révisi nu leuwih anyar → (béda)

Cagar alam nyaéta hiji wewengkon suaka alam nu ku sabab kaayaan alamna mibanda kahususan dina hal tututwuhan, sasatoan, katut ekosistemna atawa ekosistem tinangtu, wewengkon ieu kudu ditangtayungan sangkan kamekaranana lumangsung sacara alami. Conto wewengkon nu dijadikeun cagar alam di Indonesia nyaéta Pananjung Pangandaran di Jawa Kulon, Nusa Kambangan di Jawa Tengah, tur Pulo Rambut di Kapuloan Sarebu, Jakarta.