(Translated by https://www.hiragana.jp/)
Bruno Mars - Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas Lompat ke isi

Bruno Mars

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Bruno Mars

Peter Gene Hernandez leuwih dipikawanoh kalayan ngaran Bruno Mars (gumelar di Honolulu, Hawaii, Amérika Sarikat, 8 Oktober 1985; umur 38 taun) nyaéta saurang panyanyi, penulis lagu Amérika jeung produser musik.[1] Hirup di Honolulu, Hawaii ku kulawarga musisi.[1] Bapana, Pete urang New York nyaéta pamaén perkusi.[2] Indungna, Bernie urang Filipina turunan Puerto Rico nyaéta saurang penari hula.[2] Bruno Mars ngamimitian karier dina taun 2006, sanggeus ngabéréskeun sakolana, manéhna pindah ka Los Angeles.[2] Tuluy manéhna wawanohan jeung Aaron Bay Schuck, anu ayeuna jadi manajerna.[2]

Bruno Mars mimiti nyieun lagu nalika masih ngora kénéh.[1] Sanggeus tampil di sababaraha tempat musik di kota kalahiranana, manéhna mutuskeun hayang hirup di dunya karir musik.[1] Bruno Mars mimiti mroduksi lagu pikeun artis séjén, ngagabung kalayan tim produksi Smeezingtons.[1] Manéhna jadi artis solo sanggeus nulis lagu Nothin’ on You by B.o.B, sarta Billionaire ku Travie Mccoy.[1] Manéhna ogé nulis hits Right Round ku Flo Rida mintonkeun Kesha, Wavin Flag ku K’naan, jeung Fuck You! ku Green Lo Cee.[1] Dina bulan Oktober 2010, manéhna ngarilis album Doo-wops & Hooligans.[1] Tuluy nyieun lagu Just the Way You Are jeung Grenade.[1] Manéhna geus meunang panghargaan Grammy di 53 Grammy Awards, anu diayakeun tanggal 13 Pébruari, 2011.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j Profil Archived 2011-09-26 di Wayback Machine (Diakses tanggal 9 November 2011)
  2. a b c d Silsilah (Diakses tanggal 9 November 2011)