(Translated by https://www.hiragana.jp/)
Fisiologi - Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas Lompat ke isi

Fisiologi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Fisiologi nyaéta cabang élmu biologi nu patali kana fungsi jeung kagiatan kahirupan atawa zat hirup (organ, jaringan, atawa sél);[1] élmu faal.[1] Fisiologi mangrupa studi ngeunaan fungsi organisme, sato atawa tutuwuhan, jeung fungsi jaringan konstituen sato jeung tutuwuhan atawa sél.[2] Kecap fisiologi mimiti dipaké ku jalma Yunani kurang leuwih 600 SM keur ngagambarkeun panalungtikan filosofis ka jero sifat hal.[2] Pamakéan istilah kalawan referensi husus pikeun kagiatan vital manusa, nu dimimitian dina abad ka-19, rasa hayang nyaho, kabutuhan médis, jeung kapentingan ékonomi ngadorong penelitian ngeunaan fisiologi sagala organisme hirup.[2]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b (id)Fisiologi (diakses 23 Pebruari 2016)
  2. a b c (en)Physiology (diakses 23 Pebruari 2016)