Gunung Papandayan
Gunung Papandayan salah sahiji gunung anu aktip kénéh, jangkungna 2665m di luhur permukaan laut, Gunung Papandayan mangrupa salah sahiji objék wisata di Garut.[1] Ieu tempat wisata anu kasohor utamana pikeun jalma anu resep naék gunung.[1] Jarak ti kota Garut kira-kira 28 kilométer.[1] Salain panorama Gunung aya ogé kawah anu ngarana kawah mas, kawah nangklak, kawah manuk.[2] Wisata gunung api aya di puncak gunung Papandayan, nyaéta di kawah mas.[2] Pikeun tempat kemping perenahna aya di tegal alun-alun jeung Tegal Brungbung.[2] Panorama alam anu éndah perenahna di sektor barat, barat laut jeung utara alatan éndahna téh ngajumplukna kebon entéh.[2] Pikeun anu resep naék gunung, bisa ngaliwatan jalan sektor timur laut, nyaéta ngaliwatan kampung Panday.[2] Lilana lalampahan kira-kira lama perjalanan sekitar 5 nepi ka 6 jam.[2] Ilahar gunung-gunung séjéna, ka tempat tujuan bakal kasampak sababaraha panto asup, salah sahijina ngaliwatan panto asup anu aya di Désa Pakénjéng Kacamatan Pamulihan anu mangrupa panto asup anu sok biasa diliwatan ku tukang naraék gunung.[2] Lamun geus nepi ka Désa Pakénjéng, urang kudu lempang deui ka pos pandaptaran anu jarakna rada jauh kira-kira 8 nepi ka 10 km.[2] Di tengah lalampahan antara Camp Davies jeung puncak gunung Papandayan, urang bakal ningali hiji penoména alam anu alus nyaéta ningali semburan uap panas kaluar tina beuteung bumi jeung ngaluarkeun bau.[2] Puncak gunung Papandayan atawa Pondok Saladah. Di sabudeureunnana loba kembang eidelweis anu sok disebut kembang abadi, ku sabab kembang ieu tara layu yang juga disebut-sebut sebagai bunga abadi.[2] Kembang ieu seungitna anu has jeung moal leungit.[2] Numutkeun sajarah gunung Papandayan geus sabaraha kali bitu, nyaéta di taun 1772, 1942, 2002.[3]
Bitu
[édit | édit sumber]Dina catetan sajarah, Gunung Papandayan kungsi sababaraha kali bitu nyaéta 12 Agustus 1772, 11 Maret 1923, 15 Agustus 1942, jeung 11 Novémber 2022.[4] Dina taun 1772 iéu gunung bituna pohara rongkah, ngancurkeun aya kana 40 Désa sarta ngabalukarkeun 2957 jalma tilar dunya. Daérah anu kaurugan gunung nepika 10 km panjangna kalawan lébar 5 km.[5]
Dina 11 Maret 1923 aya kama 7 kali erupsi di kawah anyar anu samemehna aya lini anu puseurna di Cisurupan Garut, tuluy deui 25 Januari 1924 hawa kawah Mas ngaronjat tina asalna 364 °C ngajadi 500 °C. Teu kungsi lila kawah bitu anu ngaluarkeun lahar leutak jeung batu anu ngabalukarkeun leuweung sabudeureuna ruksak, ari batu jeung matrial séjén paburisat nepika Cisurupan. Dina 21 Februari 1925, bijil deui leutak di kawah nangklak disusul ku bitu di kawah Mas dina taun 1926.
Mimiti April 2006, Pusat Vulkanologi jeung Mitigasi Bencana Geologi PVMBG ngaronjatkeun status Papandayan jadi waspada, alatan ayana ronjatan kagiatan séismik. Tanggal 7-19 April 2008, hawa di kawah ngaronjat deui, di kawah Mas (245-262 °C) di kawah balagadama (91-116 °C). Dina 28 Oktober 2010, statusna balikdeui ka lével 2.
catetan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c Gunung Papandayan Archived 2011-11-08 di Wayback Machine(Dicutat tanggal 17 November 2011)
- ↑ a b c d e f g h i j k WISATA GUNUNG PAPANDAYAN Archived 2011-11-19 di Wayback Machine(Dicutat tanggal 17 November 2011)
- ↑ Darpan, Suhardiman Budi. 2007. Seputar Garut. Tarogong: Komunitas Srimaganti.
- ↑ Syahbana, D. K., Caudron, C., Jousset, P., Lecocq, T., Camelbeeck, T., Bernard, A., Surono, 2014. Fluid dynamics inside a “wet” volcano inferred from the complex frequencies of long-period (LP) events: An example from Papandayan volcano, West Java, Indonesia, during the 2011 seismic unrest. Journal of Volcanology and Geothermal Research. 280 (76-89). [1]
- ↑ Neumann Van Padang, M., 1983. History of the Volcanology in the Former Netherlands East Indies. Rijksmuseum van Geologie en Mineralogie.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |