(Translated by https://www.hiragana.jp/)
OCLC - Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas Lompat ke isi

OCLC

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Online Computer Library Center
Logo resmi OCLC
SingketanOCLC
RupaOrganisasi internasional
TujuanPabukon Internasional
Kaanggotaan30,000+ libraries in 100+ countries[1] [2]
Diadegkeun kuFred Kilgour
Loka wébhttps://www.oclc.org/


OCLC; (Online Computer Library Center) nyaéta hiji organisasi pabukon/perpustakaan global anu nyadiakeun layanan téhnologi babarengan, panalungtikan anu asli, jeung program komunitas pikeun kaanggotaan sarta komunitas pabukon umumna. [3] Dina OCLC aya pustakawan, ahli téchnologi, panaluntik, panaratas, pamingpin, jeung murid-murid. Kalayan rébuan anggota pabukon di langkung ti 100 nagara, anu ngahiji gawé bareng salaku OCLC pikeun ngajantenkeun inpormasi langkung gampil diaksés sareng langkung mangpaat.

Naha ngarojong kana mekarna élmu pangaweruh, ogé ngadeudeul para nonoman dina nyayagikeun dadasar élmu pangaweruh. Masarakat bisa manggihan naon anu dipikabutuh Jalma bisa manggihan jawaban anu diperlukeun pikeun ngajawab masalah penting dina kahirupan maranéhanana, di komunitas maranéhanana, sarta di dunya. Urang babarengan nyieun torobosan anu mungkin. Boh gedé boh leutik.

Naon anu dilakukeun OCLC

[édit | édit sumber]
  1. Ngahubungkeun unggal pabukon: OCLC mantuan pabukon ngabagi inpormasi jeung sumber daya kujalan ngahubungkeun maranehna ngaliwatan ramat loka global (jaringan global).
  2. Ngabangun database: OCLC nyieun tur miara databasé gedé anu eusina rupa-rupa inpormasi ngeunaan buku, artikel, film, musik; gamelan, jeung réa-réa deui. WorldCat téh salah sahiji database panggedena anu dikokolakeun ku OCLC.
  3. Ngamekarkeun téknologi: OCLC ngamekarkeun téknologi pikeun ngabantu pabukon/perpustakaan ngokolakeun koléksi, ngalayanan pamaké, jeung ngaronjatkeun éfisiénsi.
  4. Ngarojong panaluntikan: OCLC ngarojong panalungtikan dina widang pabukon jeung informasi.[3]

Tutumbu ka luar

[édit | édit sumber]


Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama oclc_about
  2. Van den Bossche & Prévost 2016, pp. 281.
  3. a b "OCLC Qualifying Subscriptions for Membership" (PDF). oclc.org. OCLC. February 15, 2022. Diarsipkan dari versi asli (PDF) tanggal March 11, 2022. Diakses tanggal March 11, 2022.