(Translated by https://www.hiragana.jp/)
Perang Balkan - Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas Lompat ke isi

Perang Balkan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Parobahan Peta nalika Konperénsi London jeung Pajangjian Bukares

Perang Balkan nyaéta perang singget nu tujuana marebutkeun Turki di Éropa.[rujukan?] Perang Balkan lumangsung taun 1912-1913.[rujukan?] Dina perang kahiji, Turki diusir ti Éropa (iwal Konstantinopél) ku Sérbia, Bulgaria, Yunani jeung Monténégro.[1]

Perang Balkan I

[édit | édit sumber]

Perang Balkan kahiji dimimitian nalika Monténégro nyerang Albania kalér kaping 8 Oktober 1912, teu lila anggota himpunan séjén ngamimitian nyerang Usmani.[rujukan?] Perang ieu lumangsung nepi ka ayana gencatan senjata kaping 20 Méi 1913.[rujukan?] Harita bangsa Bulgaria aya di Catalca kurang leuwih 40 km ti Istanbul.[rujukan?] Sésa daérah kakawasaan Usmani di Éropa direbut ku sekutu séjéna. Sapuluh poé sanggeus Pajangjian London ditandatangan, netepkeun yén wates Kakaisaran Usmani di Éropa nyaéta 100 km ti Istanbul.[rujukan?] Sapoé sanggeus tandatangan, Mahmut Sevket Pasha dibunuh di Bezayit Meydani.[2] Sérbia teu puas kana ahir perang Balkan kahiji ku kituna Sérbia nungtut Bulgaria sangkan nyerahkeun Macedonia nu ngabalukarkeun dimimitiana Perang Balkan II.[1]

Perang Balkan II

[édit | édit sumber]

Perang Balkan kadua dimimitian kaping 29 Juni 1913, nalika bangsa Bulgaria ngaluncurkeun serangan ngadadak ka Yunani jeung Sérbia teu lila dibantuan ku Rumania jeung Monténégro.[rujukan?] Kabuktian, opat sekutu leuwih kuat ti batan Bulgaria nepi ka dipaksa nyerah.[rujukan?] Enver nyokot kasempetan jeung mingpin pasukan pikeun ngawasaan deui Edirne kaping 21 Juli.[rujukan?] Perang ieu sacara resmi dipungkas ngaliwatan Pajangjian Bukares ditéken kaping 10 Agustus 1913.[rujukan?] Bulgaria kudu nyerahkeun bagéan-bagéan daérahna ka tilu nagara nu meunang nyaéta Yunani, Rumania jeung Turki.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b Pringgodigdo, A.G. 1977. Ensiklopedia Umum. Yogyakarta: Kanisius
  2. a b Freely, John. 1996. Istanbul: the Imperial City (Alihbasakeun Istanbul Kota Kekaisaran, 2012). Jakarta: Pustaka Alvabet