Zoroaster
![](https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/6/68/Sanzio_01_Zoroaster_Ptolmey.jpg/200px-Sanzio_01_Zoroaster_Ptolmey.jpg)
Zoroaster atawa Zarathustra (basa Parsi: زرتشت (Zartosht),basa Kurdi: Zerdeşt, basa Gujarati: જરતોશ્ત, basa Yunani: Ζωροάστρης, (Zoroastres), jeung basa Latin: Zoroaster) nyaéta ngaran hiji nabi ti Pérsia (kiwari Iran). Anjeunna nyaéta nu ngarintis Zoroastrianisme nu diagem ku bangsa Pérsia.[1] Anjeunna ogé mangrupa imam pangajar.[1] Zarathustra disawang hirup di taun 650-550 SM. Aya ogé nu nyebutkeun anjeunna hirup ti taun 1200-1600.[1][2]
Harti ngaran
[édit | édit sumber]![](https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/7/77/Faravahar.svg/220px-Faravahar.svg.png)
Ngaran Zarathustra atawa diéja minangka Zara
Ajaran-ajaran
[édit | édit sumber]Dasar ageman ti Zarathustra nyaéta monotéisme, nyaéta muja ka hiji Tuhan, Ahura Mazda.[3] Angra Mainyu, nu mangrupa Pangawasa “Kegelapan” jeung lawan ti Ahura Mazda, nyaéta nu sok hianat ka Tuhanna.[4] Ajaran Zarthustra ogé ngabenerkeun mahluk suci nu sifatna welas asih nu ngabantuan pajoanganna.[3] Ngan sanggeus Zarathustra maot, kapercayaan ka mahluk suci éta dirobah jadi konsépsi kadéwataan nu dihubungkeun jeung penciptaan alam, nu kawengku ti genep tingkat penciptaan wanda-wanda alam, nyaéta:[3]
- Asha Vahista minangka déwa tata tartib jeung kabeneran nu éndah jeung sering digambarkeun minangka déwa nu ngawasaan seuneu;
- Vohu Manah minangka déwa nu haténa bersih (God mind) jeung sok digambarkeun minangka sapi jalu;
- Keshatra Vairya minangka déwa “pencinta” jeung pangawasa sagala logam;
- Spenta Armaity minangka déwa ibadah nu pinuh welas jeung pangawasa bumi jeung taneuh;
- Haurvatat nyaéta minangka buleudan jeung kakawasaan sarta pangawasa cai jeung tutuwuhan;
- Amertat, sarua jeung Haurvatat, minangka déwa buleudan jeung kakawasaan sarta pangawasa cai jeung tutuwuhan.[3]
Sagala wangun agemanna dijieun dina hiji kitab nu disebut Gathas jeung Avesta.[3]
Saméméh Zarathustra ngadakwahkeun ajaran-ajaranna, bangsa Persia téh mibanda loba déwa pagan.[2] Di antara déwa anu dipiboga ku bangsa Pérsia mibanda pasipatan unik. Tapi, tina sababaraha karakter anu unik pikeun déwa pagan. Zarathustra sareng mendakan dua unsur pokok anu kalebet masing-masing sifat déwa: kahadéan sareng kajahatan. Manéhna datang mawa ajaran anyar, ku cara ngabeungkeut déwa- déwa bangsa Persia anu loba ngajadi dua prinsip utama ngeunaan kapangéranan, yaitu Gusti anu hadé (Kahadéan) sarta Gusti anu jahat (Kajahatan).[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c (id)Keene, Michael. 2010. Agama-agama Dunia. Yogyakarta: Kanisius
- ↑ a b c Mu'arif, Mu'arif (2018). Monoteisme Samawi AutentikMu'arif. Jakarta: IRCiSoD. p. 28. ISBN 9786027696501. Disungsi 1 Juni 2024
- ↑ a b c d e f (id)H.M Arifin. 1986. Menguak Misteri Ajaran Agama-agama Besar. Golden Trayon. Hlm. 18, 20-24.
- ↑ (id)M.Dhavamony. 1995. Fenomenologi Agama. Jogjakarta: Kanisius. Hlm. 124.
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |