(Translated by https://www.hiragana.jp/)
aub - Wikikamus basa Sunda Lompat ke isi

aub

Ti Wikikamus basa Sunda, kamus bébas
Kecap pagawéan [su]

aub

aub

  • aub: milu
Conto: Rék aub ka rombongan mana jarah ka Mekah téh ?
  • aub: ngiuhan handapaeun tangkal bari ngagayem
Conto: Uncal totol di buruan Istana Bogor keur ngaub mani ngabubuhan.

Babasan

[édit]
  • saaub: lahan atawa pakarangan heureut
Conto: Uyuhan najan ukur saaub payung sacaang damar gé geus boga sorangan. Harga tanah di kota téh mahal pisan geuning.
  • ngauban: nangtayungan
Conto: Tong hayang jadi pamingpin lamun teu mampuh ngauban rahayat mah.
  • aub: nuduhkeun wawatesan pakarangan jeung imahna
Conto: Anu matak buru-buru bébéja ka lurah téh sabab ieu barang katimuna dina aub payung sabet sapon soba kuring.
Ieu kecap nyampak dina Kamus A Dictionary of the Sunda language yasana Jonathan Rigg.