(Translated by https://www.hiragana.jp/)
Autisme - Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas Lompat ke isi

Autisme

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Autisme nyaéta gangguan kamekaran dina budak anu akibatna henteu bisa komunikasi sarta teu bisa ngebréhkeun rarasaanna jeung kahayangna, ku kituna laku-lampah hubungan jeung batur séjén jadi kaganggu.[1] Autisme mangrupa gangguan kamekaran sistem saraf puseur anu mangaruhan laku-lampah, pangabisa komunikasi, sarta interaksi soaial.[2] Autisme mimiti diungkabkeun ku Léo Kanner, dokter ahli kajiwaan asal Amérika Sarikat, dina taun 1943.[2] Gejalana kaluar saméméh umur tilu taun, dina sawatara perkara, budak mimitina anu kasampak normal bisa nempokeun gejala autisme sanggeus sababaraha taun.[2] Budak lalaki kasempetan kakeunaan autismena tilu kali leuwih loba di bandingkan budak awéwé.[2] Autisme henteu dipangaruhan ku faktor ras, kaayaan ékonomi, atawa tingkat atikan kulawarga.[2] Gangguan ieu lain kaasup kelainan jiwa sarta lain disababkeun ku pola asuh anu salah.[2]

Panyabab Autisme

[édit | édit sumber]

Nepi ka ayeuna panyabab autisme can dipikanyaho sacara pasti.[2] Tapi para ahli kajiwaan sarta kedokteran miboga sawatara téori ngeunaan panyabab autisme.[2] Ahli kejiwaan nyangka yén autisme disababkeun ku pangalaman traumatis atawa pangalaman anu ngagoncang jiwa.[2] Nurutkeun bukti-bukti ilmiah anu aya, autisme nyambung kalayan kelainan struktur sarta fungsi otak.[2] Kelainan ieu disangka geus dibawa ku saurang budak saprak dina kandungan atawa saprak taun-taun kahiji kahirupanana.[2] Sajaba ti éta autisme ogé disambungkeun kalayan lumangsungna infeksi virus rubela (panyabab panyakit rubela atawa german measles) sarta kurangna suplai oksigen salila mangsa kahamilan.[2]

Térapi Autisme

[édit | édit sumber]

Autisme teu bisa dicagerkeun, sanajan kitu gejala autistik bisa dikurangan ngaliwatan sagala rupa térapi antara séjén terapi fisik, térapi ngomong, térapi laku-lampah, sarta ubar-ubaran.[2] Dina prinsipna, tatamba dipigawé ku cara ngarangsang fungsi otak sacara intensif.[2] Palaksanaan tatamba ieu aya di handapeun pengawasan dokter budak, psikologi budak, sarta ahli tatamba.[2] Tatamba ieu leuwih hadé dipigawé saprak ti leuleutik kénéh jeung pangrojong kolot sarta anggota kulawarga ku kituna nu ngalaman autisme bisa hirup normal atawa teuneung.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Autisme Archived 2012-01-15 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 15 Oktober 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve