(Translated by https://www.hiragana.jp/)
Bonéka - Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas Lompat ke isi

Bonéka

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Bonéka kaén.

Bonéka (tina bahasa Portugis boneca) nyaéta sajinis kaulinan anu loba rupana, ilaharna manusa atawa sato, sarta tokoh-tokoh fiksi. Bonéka mangrupa kaulinan anu buhun, ku sabab dina jaman Yunani, Romawi atawa Mesir kuno bonéka téh geus aya.[1] Tapi pungsi, bentuk atawa cara nyieuna anu béda lamun dibandingkeun jeung jaman ayeuna.[1]

Sajarah jeung Kamekaran Bonéka[édit | édit sumber]

Bonéka geus aya ti baheula sabudeureun 3.000 taun saencan masehi.[2] Nalika éta urang Mesir jeung Cina geus nyarieun bonéka anu bentukna basajan.[2] Bahan anu dipakéna téh tina kai, taneuh liat, atawa tulang sato.[2] Bonéka anu alus dijieun tina lilin jeung gading gajah. Jaman baheula bonéka lain keur kaulinan budak tapi dipaké pikeun kapperluan agama atawa upacara dat anu resmi.[2] Bonéka jaman baheula bentukna pikasieuneun jeung kaku.[2] Bonéka geus mimiti jadi kaulinan budak di taun 600 taun saencan masehi.[2] Ku sabab bonéka geus bisa dijadikeun kaulinan alatan bentukna teu kaku jeung bisa digerak-gerakeun.[2] Dina abad 5-15, bonéka masih tetep dipaké pikeun kaperluan ritual jeung agama.[2] Bonéka jadi kaulinan barudak sacara masal mimitina abad 15 di Kota Nuremberg, Augsburg, jeung Sonneberg, Jerman.[2] Bonéka kasebut dijieun tina taneuh liat, ki jeung lilin sarta dibéré baju anu ngagambarkeun awéwé Jerman.[2] Kamekaran bonéka ngeuyeuban alam dunya saperti di Inggris, Prancis, Itali, jeung Walanda nyarieun bonéka awéwé anu ngagambarkeun nagara séwang-séwangna.[2] Bonéka ieu dijadikeun oléh-oléh.[2] Abad ka-16, pabrik boneka di Walanda nyieun mata bonéka tina gelas jeung bisa dimajukeun nepi ka méré kesan jiga jalema beneran.[2] taun 1675, pabrik anu ngalengkepan bonéka maké buuk.[2] Dina taun 1710, aya pabrik anu nyieun bonéka bisa ceurik, sedengkeun dina tau 1735 aya bonéka anu bisa leumpang ilaharna jalema.[2] Di ahir Perang Dunia I, Amérika kaasup nagara penghasil bonéka panglobana di dunya.[2] Di antara taun 1925 jeung Perang Dunia II, pabrik paranti nyieun bonéka leuwih ngirut deui.[2] Bonéka buatan pabrik dilengkepan ku ayana bonéka anu bisa ngicep kalayan lengkep jeung bulu matana, bisa calangap jeung aya huntuan.[2] Aya ogé bonéka anu bisa dahar jeung nginum sorangan.[2]

catetan[édit | édit sumber]

  1. a b Sejarah Boneka Archived 2011-09-26 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 5 November 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s Dahulu, Boneka bukan Mainan Archived 2007-06-18 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 5 November 2011)