Pontius Pilatus (Πόντιος Πιλᾶτος, Pontios Pīlātos) téh Prefek (atawa gupernur) ka-5 ti Provinsi IudaéaKakaisaran Romawi, ngajabat taun 26–36 M, pas jaman kaisar Tiberius.[1][2] Manéhna anu ngawakilan pamaréntahan Romawi di Yerusalém pikeun ngadilan YésusKristus anu ditéwak di Taman Getsemani. Sanggeus nyalidikan perkara Yésus, Pilatus ngaku yén manéhna teu manggihan kasalahan nanaon ngeunaan Yésus. Ngan Pilatus teu mampuheun pikeun ngabébaskeun Yésus sababari kitu, malah sabalikna manéhna matuh kana kahayang warga pikeun nyalibkeun Yésus.